Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng
Enjing Sadayana.
Bapa Ibu
Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IX - nu dipikacinta.
Langkung ti
payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu parantos
maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu tempat dina
kaayaan sehat wal afiat.
Para hadirin
anu dipihormat. Dina ieu waktos, sim kuring bade ngadugikeun kumaha pentingna
hirup sehat kanggo urang sadayana. Luyu jeung hadis Rasulullah, kabersihan teh
sabagian tina iman. Salaku jalma nu iman, urang tangtuna moal ngalalaworakeun
perkara kabersihan. Urang sadaya kedah ngajaga lingkungan sareng awak sorangan
sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah
ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak, meresihan
kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun
runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan
baham.
Saupami
sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina
sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan
di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang
ge suci sareng bersih.
Hadirin
sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep
seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun
kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb
1 komentar:
thank you
Posting Komentar